Senin, 03 Mei 2010

DONGENG SASAKALA SUNDA

Dongeng Sasakala: MAUNG LEUTIK CANGKENGNA


Ceuk beja, cenah baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir sarua bae gedena.

Dina usum paceklik dihiji leuweung, sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian, katut ka jujukutan oge gararing, sabab halodo banget.

Hiji mangsa waktu maung keur ngalantung neangan kahakanan, kabeneran aya peucang keur ngahuleng jiga anu susah. Eta peucang teh kacida begangna ngan kari tulang jaeung kulit, sabab hese ku kadaharan tea.

Sabot peucang ngalamun, teu puguh timana jolna, ngan gaur bae aya sora maung gagauran. Atuh peucang teh kacida reuwaseunana, sabab ari ret teh direret ku peucang, tetela eta maung teh aya beulah katuhueunana keur ngadodoho. Maung teh kacida lapareunana, bangun geus hayang geura gep ngegel peucang.

Peucang teh teu bisa kukumaha, sabab ceuk pamikirna najan lumpat oge moal burung kaudag, da puguh teu boga tanaga. Ahirna peucang teh kari sumerah diri wae ka nu kawasa, bari ngadua menta dipanjangkeun umur, sarta disalametkeun tina bahaya maot anu geus kari sahos-hoseun. Pok peucang teh nyarita, “Salira maung, ayeuna mah tong gagauran nyingsieunan, da puguh kuring mah kari ngerekeb bae. Tapi ceuk kuring mah leuwih hade neangan deui anu lintuh, da ngerekeb kuring mah moal matak seubeuh, da sakieu begangna katembong tulang.”

Gaur deui maung teh ngagaur, maksud na sangkan eta peucang teu bisa kabur. Saterusna maung nyarita ka peucang, “Hey sakadang peucang, aing teu ngarti naon sababna maneh tenang-tenang wae, teu lumpat nyingkahan aing, jeung naon sababna maneh ngahuleng wae, padahal awak maneh teh ku aing rek di jojoet disasaak dibudal badil.”

Tembal peucang bari lumengis, “Kuring teu lumpat nyingkahan salira, sabab jaba ti teu kuat lumpat teh, lamun percaya mah kusalira, kuring teh keur dititah ku raja di dieu nungguan beubeurna. Raja ayeuna keur usaha kaluar, nyiar pangabutuh urang sarerea anu aya di ieu leuweung. Kulantaran kitu, kuring moal rek lumpat, kuring kudu tanggungjawab kana tugas nu ditibankeun ka kuring.”

Maung teu percaya yen peucang dititah nungguan beubeur raja, sabab biasana oge anu sok dititah ngawal raja mah, sasatoan nu garalak seperti maung atawa srigala. Tuluy maung teh nanya deui ka peucang, “Mana beubeur raja teh, nu kumaha ? Aing sanajan sok katitah oge ku raja, can ngalaman dititah nungguan beubeur na mah. Aing hayang nyaho, pek geura tembongkeun!”

Maung maksa ka peucang, supaya masrahkeun beubeur raja tea. Peucang nembalan lemah lembut, “Salira Maung, kuring teu dikengingkeun nyekel eta beubeur, mung ukur nungguan wungkul. Kumargi kitu bilih salira hoyong terang nu kumaha beubeur raja, ka dieu bae geura nyaketan supados tetela.” Peucang nunjuk kanu ngajepat hareupeunana, bari nitah dideukeutan ku maung.

Teu loba piker, terus bae maung teh ngadeukeutan panuduhan peucang, bari terus nyarita deui, “Sakadang Peucang, bener alus beubeur raja teh, geuning mani harerang kitu. Kira-kirana bisa lamun aing ngajaran make?”

“Teu tiasa! bujeng-bujeng di angge, dicepeng oge teu kenging,” tembal peucang bari tungkul bangun nalangsa.

“Ah…! Ceuk saha teu meunang ? Aing mah panasaran hayang mecakan beubeur raja,” maung maksa ka peucang, bari terus gagauran nembongkeun sihungna nu rangeteng, nyingsieunan peucang.

“Ari bener mah salira maksa hayang nyobaan eta beubeur, kari kumaha salira bae, ngan kuring boga pamenta sangkan kuring teu katanyaan ku nu janten raja, kuring kudu ingkah heula ti dieu. Saterusna, lamun kuring geus jauh, eta beubeur teh pek geura pake ku salira, tapi kudu nurut kana kode kuring, lamun kuring geus nyebut : “pake!” Rap ieu beubeur teh geura pake. Tah sakitu pamenta kuring lamun keukeuh saliran hayang ngajaran make beubeur raja mah.”

Teu panjang carita, pamenta peucang teh disaluyuan ku maung. Sanggeus sagalana beres, berebet bae peucang lumpat satarikna. Sanggeus kira-kira jauh ti maung, peucang mere kode, “pake, pake…! pake!”. Peucang ngagorowok tilu kali.

Ngadenge kode kitu maung teu tata pasini deui, rap bae eta beubeur nu ngajepat di hareupeunana teh dibeulitkeun kana cangkengna. Atuh puguh we ngabeulitna teh tarik pisan, sabab anu disebut beubeur raja ku peucang teh, nyatana oray welang anu tarik pisan meulitna. Teu sabaraha lila oge cangkeng maung teh jadi leutik kapeureut ku meulitna oray welang.



Dongeng Sasakala: KUDA



Jaman baheula beh ditueun baheula waktu sasatoan barisa keneh ngomong cara jelema, di hiji leuweung aya hiji sato gede. Eta sato ngadenge beja, yen di dunya aya manusa sarta pinter pisan akalna. Eta sato hayangeun nyaho, kumaha rupana manusa teh, jeung haying nyaho kapinteranana.

Tuluy eta sato gede teh ka luar ti eta leuweung, maksudna rek neangan manusa tea. Di jalan papanggih jeung jalma tiluan. Eta sato gede teh nanya, “Rek ka mana maraneh araya di dieu?”

“Rek ngala suluh ka leuweung,” tembal nu saurang. “Ari maneh rek ka mana?”

“Kieu, bejana di ieu dunya teh aya nu disebut manusa pinter jeung rea akalna. Kaula haying nyaho rupana, jeung kaula haying nyoba kapinteranana. Sugan andika nyaraho, di mana ayana eta manusa teh?”

“Puguh bae nyaho mah, ngan tempatna jauh ti dieu. Tuh, di ditu.”

“Naha maraneh bias nganteur ka kaula, sabab kaula haying pisan papanggih jeung nu disebut manusa teh?”

“Bisa, ngan kaula teu kuat leumpangna, sabab kacida jauhna.”

“Gampang, lamun maraneh teu kuat leumpang mah, tarumpak bae dina tonggong kaula. Gede tanaga kaula mah.”

“Ah embung, tumpak dina tonggong maneh tiluan mah, sieun aya nu ragrag mun engke maneh lumpat. Kieu bae ayeuna mah, ku lantaran geus burit, sanajan dianteur oge kaula tiluan, moal bias nepi beurang keneh ka ditu, da kacida jauhna tea. Kumaha lamun isukan bae isuk-isuk jeung kaula rek mikir-mikir heula, supaya bias kabawa tiluanana.”

“Heug,” ceuk eta sato teh.

Tuluy eta sato teh balik ka tempatna di leuweung. Nya kitu deui jalma nu tiluan tea baralik ka lemburna.

Sadatangna ka lembur, jalma anu tiluan teh badami, kumaha akalna supaya bisa tumpak eta sato bareng tiluan.

Cek nu saurang, “Urang nyieun padati leutik bae, kai loba. Keun manehna sina narik, urang tiluan nu tarumpakna.”

Tuluy eta jalma nu tiluan teh sapeupeuting nyieun padati leutik, kira asup tiluaneun.

Isukna isuk-isuk sato gede teh geus papanggih deui jeung jalma anu tiluan.

Cek jalma anu saurang, “Tah, ieu padati tarik ku maneh, kaula tiluan nu tarumpakna!”

“Kumaha narikna, da kaula teu boga leungeun?”

“Gampang, hulu (sungut) maneh bae ditalian (dikadalian), talina dicekel ku kaula, bisi maneh tarik teuing lumpat ku kaula bisa ditahan. Jeung dada maneh ditalian kana ieu padati (make lestreng), supaya ieu padati katarik,” ceuk nu saurang teh.

“Ari eta naon?” ceuk eta sato bari nunjuk ku gadona.

“Ieu ngaranna pecut. Bisi maneh lumpatna kendor, ku ieu pecut bias gancang deui.”

Sanggeus sagalana beres, tuluy elesna dicekel ku nu saurang. Ceterr… eta sato dipecut, belenyeng lumpat tarik pisan. Barang geus jauh, sato teh eureun, nanyakeun, “Jauh keneh tempat manusa teh?”

Ditembal ku jalma nu saurang, “Geus deukeut. Tuh beh ditu!”

Belenyeng deui eta sato lumpat.

Barang geus kacida capeeunana, sato teh eureun deui, nanyakeun, “Dimana ayana manusa teh, kaula geus kacida capena?”

Jalma nu tiluan teh turun tina padati. Cek nu saurang, “Saenyana, ieu kaula tiluanana nu disebut manusa teh. Ayeuna maneh rek kumaha? Rupa manusa ayeuna maneh geus nyaho, akal jeung kapinteranana geus bukti, nepi ka menh geus bias mawa kaula tiluan nu sakitu jauhna, ditarik ku maneh dina ieu padati meunang nyieun manusa.”

Jawab eta sato, “Bener, manusa teh pinter rea akalna. Ayeuna kaula taluk ka manusa. Jeung kaula rek menta ngaran ka andika, sabab kaula tacan boga ngaran.”

Ceuk jalma anu pangpinterna, “Ayeuna maneh ku kaula dingaranan KUDA, sabab waktu maneh rek lumpat narik padati tadi, ku kaula katenjo suku maneh nguKUD kana taheun, jeung daDA maneh narik kana ieu padati.”

Nya nepi ka ayeuna, sato nu kitu pandena teh disebut KUDA.

Sumber: Tina Dongeng-dongeng Sasakala



Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”

Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!”

Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.

“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.

Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.

“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.

Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.

Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.

“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.

“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”

“Kabungah naon Sakadang Kuya?”

“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”

“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”

“Enya.”

”Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”

“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.

“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.

“Tukeur tempat kumaha?”

“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”

“Ah, embung.”

“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”

“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.

“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Naon saratna?”

“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.

Kocapkeun isukna.

“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.

“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”

“Itu urang meuncit kuya di pipir.”

Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.

Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.

“Bapa! Bapa!”

“Aya naon, Nyai?”

“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”

“Naon Nyai?”

“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”

Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.

“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”

“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.

Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.

Tidak ada komentar: